Diajar Basa Sunda
IV
Belajar Bahasa Sunda IV
Parabot/Pakakas/Perkakas
- Arit : Paragi ngala jukut
- Aseuk : Paragi ngaseuk
- Ancun : paragi ngakut es kacang
- Balincong : Paragi nugar
- Baliung : Pakakas anu bisa dijieun patik/rimbas
- Bandring : Paragi maledogkeun batu
- Bedog : Paragi ngadek
- Congkrang : Paragi nyacar
- Dekol : Paranti ngadek tur bisa dipake
nakol
- Etem : Paragi ngala pare
- Gacok : Paragi nugar
- Gaet : Paragi ngait nu beurat tur
digagangan
- Gegendir : paragi neungeul nu beurat
- Gobang : saperti bedog tapi Panjang
- Gondewa : paragi mentang jamparing
- Jara : Paragi ngaliangan awi
- Jamparing : Panah
- Kikir : Paragi ngasah ragaji
- Kored : Paragi miceunan jujukutan
- Kujang : pakarang urang Sunda baheula
- Parang : Paranti ngababad jukut
- Sumpit : Paranti ngala lauk dijieunna tina
tamiang
- Sundung : Paranti ngawadahan jukut
NGARAN
WANCI
·
Tabuh 01.00 – 03.00 = Janari Leutik
·
Tabuh 03.00 – 04.30 = Janari Gede
·
Tabuh 04.30 = Balebat
·
Tabuh 04.30 – 05.00 = Carancang Tihang
·
Tabuh 05.00 – 06.00 = Rebun-Rebun
·
Tabuh 07.00 – 08.00 = Haneut Moyan
·
Tabuh 09.00 – 10.00 = Pecat Sawed
·
Tabuh 11.00 = Rumangsang
·
Tabuh 12.00 = Manceran
·
Tabuh 13.00 = Lingsir Ngulon
·
Tabuh 15.00 = Panon Poe Satangtung
·
Tabuh 16.00 – 17.00 = Tunggang Gunung
·
Tabuh 17.00 – 17.30 = Sariak Layung
·
Tabuh 17.30 – 18.00 = Sareupna
·
Tabuh 18.00 – 19.00 = Harieum Beungeut
·
Tabuh 19.00 = Sareureuh Budak
·
Tabuh 21.00 = Sareureuh Kolot
·
Tabuh 24.00 = Tengah Peuting
Sesebutan
Waktu Sejena
- ·
Sakedet netra = (asalna sakedep netra), kedep = kicep, jadi hartina
sakicep, nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan.
- ·
Sakilat =
nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
- ·
Sapanyeupahan = nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira sarua
lilana jeung anu keur nyeupah
- ·
Sapangjeroan = nuduhkeun waktu nu rada lila salila anu keur ngejo
(nyangu)
- ·
Saumur jagong = kira-kira tilu bulan satengah
- ·
Sataun landung = sataun leuwih
- ·
Sawindu =
dalapan taun
- ·
Saabad =
saratus taun
Sesebutan Waktu Sejena
·
Poe ayeuna = ayeuna
·
Poe anu geus liwat = kamari
·
Poe sanggeus kamari = mangkukna
·
Sapoe nu bakal datang = isukan
·
Sapoe sanggeus isukan = pageto
·
Sabada pageto = pageto amat
·
Waktu nu cikeneh karandapan = bieu
·
Waktu nu rada lila kaliwat = tadi
·
Waktu nu geus lila kaliwat = bareto
·
Waktu beh ditueun bareto =
baheula
·
Waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan = engke
·
Waktu nu bakal datang = isuk, jaga, isuk
jaganing pageto
Ngaran – ngaran usum
Ø Nu
Patali Jeung Kaayaan Alam
o
Usum katiga = usum halodo
o
Usum mamareng = usum mimiti rek ngijih
o
Usum dangdaratan = usum panyelang antara halodo jeung ngijih
o
Usum ngijih = usum hujan
o
Usum barat =
usum gede angina (nu jolna ti kulon)
o
Usum selatan = usum loba angina nu jolna ti kidul
Ø Nu
Patali jeung Kaayaan Masyarakat
o
Usum pagebug = usum loba nu gering/panyakit
o
Usum sasalad = usum loba panyakit bari tepa
o
Usum parepok = usum loba nu kawin
o
Usum tigerat = usum paila kurang dahareun
o
Usum paceklik = kakurangan pare/dahareun
Ø Nu
Patali Jeung Tatanen
v
Tatanen di Sawah
§
Usum nyambut = usum mitembeyan ngagarap sawah
§
Usum morekat = usum nyawah leutik
§
Usum tandur = usum melakeun binih pare
§
Usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi dianatara tangkal
pare
§
Usum celetu = mangsa pare geus mimiti cul cel aya buahan
§
Usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil
§
Usum rampak = mangsa pare geus rata/papak bareukah
§
Usum panen =
mangsa dibuat, ngala pare
§
Usum jami =
sabada panen
v Tatanen
di Huma
§
Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun
§
Usum ngahuru = meuleum kai jeung kakayon nu geus gering meunang
nyacar
§
Usum ngaduruk = meresihan sarta ngaduruk kai nu can kabeuleuman waktu
ngahuru
§
Usum ngaseuk = melak pare ku cara nyocog-nyocogkeun kai meunang nyeukeutan
tungtungna
§
Usum ngored/ngoyos = meresihan jukut nu jaradi di antara luwukan pare ku parabot kored
§
Usum dibuat/ngetem = ngala pare pake parabot etem
§
Usum ngunjal = mawaan pare ti huma ka imah
Komentar
Posting Komentar