Su’udzon, ngarusak kahirupan
pulitik
Ku
: Ir. Dina Dermawan
Ceuk
Nurcholis Madjid dina buku “Islam Agama Kemanusiaan “, Islam ngabogaan
kategesan yen manusa the cenderung kana kahadean. Hal eta ditegeskeun dina kitab suci Al-Quran jeung hal eta the ngarupakeun
hal anu perenial,nyaeta nilai-nilai
kamanusaan nu nyoko kana kajadian asal mula manusa nu suci (fitroh), nu nyebabkeun boga ahlak nu
hade jeung suci (hanif).
Fitrah nu hanif eta ngarupakeun panyambung
tina tali janji pasini primordial antara Alloh jeung ruh manusa, nepika ceuk
basana Abu Bakar Siraj Ed Din, ruh manusa the diancikan ku hal-hal nu disebut
kasadaran kana ayana nu Mutlak jeung nu Maha Suci (Transenden Munazzah).
Sifat dasar kasuciaan eta, saterusna
dibuktikeun dina sikep-sikep nu suci jeung hade ka sasama manusa, puseur
dorongan hanifiyah eta ngancik dina dirina nu pangjerona jeung pangmurnina, nu
disebut hati nurani, hartina ngabogaan sifat nur atawa cahaya.
Hal eta nuduhkeun yen Islam ngarupakeun
agama nu bias ngadasaran kana kahirupan demokrasi. Sabab pada dasarna mah ruh
the tina kahirupan demokrasi nyaeta husnudzon ka lawan pulitikna. Aya
sababaraha hadis nu ngarujuk kana kahirupan demokrasi, diantara na :
“
Ummat kuring moal ngahiji dina kasalahan, mangka lamun maneh nempo sababaraha
perbedaan, mangka cokot suara nu pang lobana (mayoritas).” (HR. Ibnu Madzah).
Oge dina hadis lain disebutkeun yen : “Alloh moal ngidinan ka ummatna ngahiji
dina hal-hal nu salah, jeung leungeun Alloh aya di luhureun jama’ah. Sing saha
nu misahkeun diri tina jama’ah, manehna baris digebruskeun kana jero naraka”
(Sunan Tirmidzi)
Sifat dasar mausa eta, ngarupakeun
bukti sakaligus sanggahan kana alesan-alesan nu ngalarang ngadegna partey
Islam. Umumna, larangan eta leuwih didasaran ku rasa leutik burih nu goreng
jeung goreng sangka ka ummat Islam, keur leuwih jelasna tempo alesan Nurcholis
Madjid, manehna hariwang yen partey agama bakal leuwih nyuburkeun simbolisme
dina kahirupan agama.
Leutik
Hate nu Goreng
Nurcholis mere conto dina taun
50-an, 60-an, jeung 70-an, lamun aya jalma solat di kantor lolobana dituduh
minangka anggota partey Islam, ekstrim kanan jeung sajabana deui. Ayeuna sanggeusna jargon “Islam yes, Partai
Islam no” hasil, pamadegan kitu teh hamper teu lumaku. Jalma nagnilai biasa, kana
sagala kegiatan kaagamaan nu dilakukeun di kantor-kantor. Kusabab kitu, menehna
teu haying anggapan samodel kitu punjul deui, ngaliwatan ngebentukna partey
Islam (Republika 12/6/98)
Lamun ditengetan kana alesan Cak Nur
di luhur tadi, sakabehna museur tina hiji kahariwang, hariwang partey Islam
kapapaesan ku simbul-simbul Islam, tapi mopohokeun kana eusina (esesnsina).
Malahan Kuntowijoyo ngajentrekeun genep alesan kunaon dibentukna partey Islam
disebut hiji kasalahan nu parna (total) ku kawangunna Parpol Islam, baris
nimbulkeun genep akses seperti eureunna mobilitas social ummat Islam,
paberencayna ummat Islam, ngamiskinkeun (dakwah, kahirupan sosial, kabudayaan,
system pengetahuan, iptek, filsafat, mitos, pulitik,ke-SDM-an, sejarah,
mentalitas jeung sajabana) runtuhna penyebaran kapamimpinan ummat, jeung alienasi
generasi muda Islam. Genep alesan Kuntowijoyo oge ngarupakeun hasil tina buah
tina pamikiran nu su’udzon ka ummat Islam.
Islamophobia
Komo deui pihak luareun Islam nu
geus diancikan ku panyakit Islamophobia, Samuel Huntington, minangka ilmuwan
Universitas Harvard AS, kungsi ngabewarakeun yen aya dua budaya nu ngabogaan
watak teu saluyu jeung demokrasi, nyaeta konfusianisme jeung Islam. Malah
manehna wani meunteun yen kadudukan partey-partey Islam di nagara-nagara Islam
dina taun 1990 dina sababaraha hal mirip jeung kadudukan partey-partey kominis
di nagara Eropa Barat tahun 1940-an jeung taun 1970-an. Ku sabab kitu
Huntington ngaduga yen lamun partey Islam ngahontalan kakawasaan, maka parpol
Islam bakal nempuh kawijakan Islam radikal nu ngikis kana demokrasi jeung ngasingkeun
kana unsure-unsur modern jeung Barat dina masarakat.
Kalolobaan bangsa Barat, ceuk
Esposito meunteun Islam jeung gerakan-gerakanana ngarupakeun alternatif atawa
tantangan religious jeung idiologis. Jeung dina sababaraha hal ngarupakeun
bahaya gede pikeun Kristen jeung Barat (Esposito 1995:15).
Kitu deui inohong Katholik
Indonesia, Franz Magnis Suseno ngahariwangkeun lamun dipaksakeun ngajirimna
partey-partey Islam, baris aya kajadian nu disebut disintegrasi.
Su’udzon
jeung Kakacauan
Akibat tina su’udzon nu dijadikeun
dasar kaputusan pulitik, umumna nimbulkeun kakacauan pulitik. Nalika Partey
Islam (FIS) di Al-Jajair ngameunangkeun pamilu, pihak militer jeung Barat ngabatalkeun
kana hasil pamilu nu demokrasi, tina eta kajadian ngabalukarkeun kakacauan nu
ngorbankeun rebuan jiwa.
Kitu deui di Indonesia, nu ngarusak
system demokrasi, bias ddipastikeun lain disababkeun ku partey Islam. Di jaman
rezim Soekarno, nu nyieun kakacauan the nyaeta PKI, tapi anehna nu dibubarkeun
malah Partey Islam Masyumi. Atawa saperti ayeuna, Indonesi keur ngarandapan
krisis moneter, ekonomi pulitik, jeung kapercayaan, sakabehna ngarupakeun buah
ti jalma-jalma nu teu make pulitik sacara Islami, tegesna mah Soeharto jeung
sabatur-baturna.
Sok sanajan partey Islam dilarang
saperti partey Refah di Turki, Jama’at Islamiyah di Pakistan, Ikhwanul Muslimin
di Mesir, sarta Masyumi di Indonesia, tapi ari dina sual gagasannana mah masih
kuat jeung ngakar nepi ka ayeuna. Hal ieu jadi bukti yen larangan pikeun
ngadegkeun partey Islam ngan saukur hiji pagawean nu mubadzir.
Di orde reformasi ayeuna oge,
sapertina mah partey Islam bakal ngalaman nasib nu sarua. Padalah salah sahiji
agenda reformasi pulitik nyaeta “pemberdayaan kedaulatan rakyat” dina
nyalurkeun aspirasi pulitikna. Ari ngajirimkeun partey Islam teh ngarupakeun
hak kadaulatan rahayat. Kusabab kitu, larangan ngawangun partey Islam the
ngarupakeun hak kadaulatan rahayat. Kusabab kitu, larangan ngawangun partey
Islam ngarupakeun salah sahiji pelanggaran HAM. Jalma meunang ngomong teu resep
tapi haram ngalarang hak jalma keur nyalurkeun aspirasi pulitikna ka partey
Islam
Naha jalma-jalma nu ngalarang
ngadegna partey Islam teu pernah ngeunteng kumaha jahatna tina sikep su’udzon
dina kahirupan manusa. Syu’udzon ka sasama manusa ieu pernah ngagebruskeun
manusa kana tingkah laku nu fanatik, kejem jeung teu mairan kana perbedaan,
saperti inkuisi (nandasan kalawan sistematis jeung keji) ku sabagian inohong gereja
Kristen ka ummat Islam di jaman pertengahan.
Kitu deui jeung syu’udzon ka ummat
Islam Indonesia nu rek ngadegkeun partey Islam, ngarupakeun bahaya pikeun
kahirupan pulitik nu demokrasi
Komentar
Posting Komentar